KHUTBAH KE 1

اللهُ اَكْبَرْ (3×) اللهُ اَكْبَرْ (×3)اللهُ اَكبَرْ (×3
   لااله الا الله  والله اكبر , الله اكبر ولله الحمـد , الله اكبر كبيرا  والحمــد لله كثيرا , وسبحان الله بكرة واصيلا , لااله الا الله وحــده , صدق وعـده ونصـر عـبده واعــز جنده وهـزم الاحـزاب وحـده , لااله الا الله ولا نعـبد الا اياه مخلصيـن له الـدين ولو كره الكافـرون
الحـمد لله الذي فـرض علينـا الحـج ركنا من اركان الاســلام , اشـهد ان لااله الا الله واشهد ان سيــدنا ونبينا محمدا عبده ورسـوله رحمة الى كافة الانام , اللهـم صل وسلم على سيــدنا محمد وعلى اله واصحابه البررة الكرام , اما بعد.. فيا عباد الله اتقوا الله حق تقاته ولا تموتن الا وانتم مسلمون . اعـوذ بالله من الشـيطان الرجيم  إِنَّ أَوَّلَ بَيْتٍ وُضِعَ لِلنَّاسِ لَلَّذِي بِبَكَّةَ مُبَارَكًا وَهُدًى لِلْعَالَمِينَ , فِيهِ آيَاتٌ بَيِّنَاتٌ مَقَامُ إِبْرَاهِيمَ وَمَنْ دَخَلَهُ كَانَ آمِنًا وَلِلَّهِ عَلَى النَّاسِ حِجُّ الْبَيْتِ مَنِ اسْتَطَاعَ إِلَيْهِ سَبِيلا وَمَنْ كَفَرَ فَإِنَّ اللَّهَ غَنِيٌّ عَنِ الْعَالَمِينَ

IBADAH HAJI KAWAJIBAN KA JALMI ANU MAMPUH


Hadirin  Kaum  Muslimin  Rohumakumulloh


Silih  tempasna  sora  takbir,tahlil  sareng  tahmid  sawewengi, anu di kumandangkeun  ku  kaum  muslimin, estu  matak ngageterkeun  sareung  nambih kakhusyuan  hatena  jalmi-jalmi anu  nuju  nampi cahaya  ilahi. Hate dadak-dumadak ngaleketey, laku lampah diri dina  mangsa–mangsa anu tos kalangngkung  ngalangkang  deui, anu  sae  na anu  awonna na;ngadorong lisan ngedalkeun istigfar nyuhunkeun  panghampura  ka Gusti Allah, geuning hirup the masih  tebih tina tuntunan agama, diri  teu weleh  di  kawasa  ku nafsu sareng syahwat, hate teu kaur pinanggih jeung katentreman, laku  teu  daek  nepi  kana kadewasaan, hirup  teu weleh di gonjang-ganjing  ku kabungah, ka sedih jeung  kariweuh anu teu puguh  udaganana nepi ka hilap naon tugas hirup di alam dunya, hilap yen diri teh kedah babakti ka Gusti Allah.


ربنا ظلمــنا انفسنا وان لم تغفر لنا وترحمنا لنكونن من الخاسرين


Artinya:“Duh gusti  pangeran  abdi  sadaya  !  Sayaktosna  abdi  parantos  nganiaya  diri  abdi,  uapmi  gusti  heunteu  ngahmpura  ka  abdi  sareng Gusti  heunteu  maparin  rahmat  ka  abdi,tanwande  abdi  jadi  ti  antawis  anu  rarugi” (QS.AL-A’raf: 23)


Allohu  Akbar  Walillahilhamd  !


Hadirin  Rohimakumulloh  !


Upami nguping paparan ti para muballigh anu ngajelaskeun kautamian ibadah haji, kautamian tanah Mekah  sareng Madinah, tempat-tempat ibadah sareng kautamian ibadah di tanah suci, osok aya jorojoy dina hate  rasa kabita, kadang dugika reumbay cisoca, hoyong diri dikersakeun ku Gusti Alloh tiasa ngalaksanakeun  ibadah haji sapertos anu sanes, bari pok kedal lisan.

 

”Nun  Gusti ! Mugi  Gusti  ngersakeun  ka  abdi  tiasa  ngalaksanakeun  ibadah  haji  ka  tanah  suci, sareng  ziarah  ka maqom , kakasih Gusti, ya’ni  maqom  Kanjeng   Nabi  Muhammad  SAW”


Paraosna hoyong sareng kabitana nyumponan ibadah haji, kabita ku fadillah ganjaranana, ieu hal anu wajar  tur pantes, ciri iman masih aya dina hatena. Tapi di sagedengeun kitu kahade sok bilih kasengsrem ku  kautamaan ibadah haji anu teu acan kantenan kumargi teu acan aya nisob sareng nasib, tapi  kana  tugas  sareng  kawajiban anu tiasa dilaksanakeun ngadon dimomorekeun, tur padahal sami-sami aya kautamaan sareng ganjaranana, saperti solat fardlu awal waktos bari berjama’ah di mesjid, milari elmu angkat ka majelis ta’lim, infak, sodaqoh, sareng amal soleh sanesna. Naha ibadah anu langsung atanapi anu teu langsung. Gusti Allah ngadawuh dina Al-Qur’an Surat Hud ayat 115:

 ان الحسنات يذهبن السيات


Hartosna:”…Saenya-enyana lampah-lampah hade the matak naglebur lampah-lampah goring”.


Ieu ayat nuduhkeun, yen anu namina amal sae bakal ngalebur atanapi ngahapus kalepatan.Sedengkeun jalmi anu kenging panghampura Alloh berarti bakal kenging karidoan Gusti Alloh,jalmi anu diridloan ku mantena baris dilebetekeun ka surga. Upami di Mekah sareng di Madinah aya tempat-tempat ijabah do’a,di urang aya waktos-waktos ijabah, mesjid dimana bae mangrupikeun tempat pikeun lungsurna rohmat, pangampura sareng karidloan Gusti Alloh kanggo jalmi anu angkat ngalaksanakeun ibadah.Ku kituna hayu urang sami-sami raih ieu fadilah kanggo ngengingkeun pangampura sareng karidloan Gusti Alloh.


Allohu Akbar Walillaahilhamd !


Hadirin Anu Mulya !


Ibadah haji disagedengengeun ngagaduhan kautamian anu pohara ageingna oge ngagaduhan syarat,rukun sareng larangan anu peryogi diperhatoskeun ku para jama’ah haji supados ibadah hajina mabrur tur maqbul.kanggo ngahonmtal hiji mabrur tur maqbul ieu teu sagampil anu dibayang tur diharepkeun, danyekitu tea gogodana oge sanes anu lumayan, lantaran syetan moal nagntep kitu bae, teu ridloeun lamun hamba Allah dihampura dosana,di tambih godaan hawa nafsu anu aya dina diri manusana sorangan anu ngajak kana laku sasar. Katampi ti Abu hurairoh r.a. , Rosululloh SAW.ngadawuh:

من حج البيت ولم يرفـث ولم يفســق  رجــع كيـوم ولدتــه امــه


Hatrosna: ”Sing saha anu ibadah haji ka betulloh, tuluy teu ngalakukeun rofast (obrolan kotor sareng kasar), oge teu ngalakukeun kafasekan (nyaeta parasea sareng milampah larangan-larangan), maka manehna leupas tina dosa-dosana saperti poean lahir tina rahim anu janten ibuna” (Tanbihul Ghofilin,kaca 177)


Allohuakbar Walillaahilhamd !


Hadirin Jama’ah Solat ‘Id Rohimakumulloh !


Dina sasih Dzulhijah aya padamelan anu kedah digarap ku jalmi anu ngalaksanakeun ibadah haji, nyaeta saom sunat dintenan ‘Arfah, takbir tahmid tahlil, sholat ‘Ied, sareng ngalaksanakeun meuncit sato kurban kanggo jalmi anu aya kamampuhan. Gusti Allah ngadawuh dina Al-Qur’an surat Al-Kautsar anu pihartoseunana: “Saenyana kami geus maparin ka anjeunkahadean anu loba, ku kituna anjeun kudu sholat karana Pangeran anjeunjeung kudu meuncit kurban”.


Piwarangan sholat sareng meuncit kurban ngandung hikmah anu jero pisan, yen dina ajaran islam aya dua arah sasaran ibadah; kahiji ka Gusti Alloh anu teu aya hubungan sareng kapentingan manusa; kadua ibadah anu aya hubunganana sareng kapentingan sasama,duanana kedah dilaksanakeun teu kenging aya anu dikantunkeun. Teu kaci, jalmi rajin ibadah sholat, getol dzikir, maca sholawat, maca Qur’an, sareng istigfhar sapertos anu khusyu,; tapi naha hirup sareng papada kaula papaseaan bae teu sauyuna, hirup pakia-kia, pagirang girang tampian, teu hoyong tutulung, teu aya jiwa kapedulian social. Atanapi samulihnma, ari sareng papada kaula kacida saena, pikayungyuneun, masyarakat asa katulungan ku kabageuranana, jadi sabiwir hiji; tapi ibadah anu langsung hubungan sareng Gusti Alloh teu dilakonan atawa dilalaworakeun. Ajaran Islam teu ngahreupkeun jalmi anu spertos kitu, tapi Islam ngajarkeun kasaimbangan hubungan ka Gusti Alloh sareng ka papada manusa.


Hadirin Rohimakumulloh !


Pamungkas urang ngado’a ka Gusti Alloh Anu Maha Welas Asih, muga-muga jama’ah haji anu saat ayeuna nuju ngalaksanakeun runtuyan ibadah haji, sing kenging panangtayungan Gusti Alloh, janten haji maqbul tur mabrur, tiasa mulih deui ka lemah caina kempel ngariung sareng kulawargina bari nyandak sumanget anu weuteuh dina enggoning neraskeun sareng ningkatkeun ibadah ka Gusti Alloh.Anu parantos  ngantunkeun alam pawenangan muga-muga kalebet anu maraot syahid kenging balesan syurga, kulawargi anu dikantunkeunana sing dipasihan kasobaran sareng karidloan alloh SWT.


Kanu teu acan aya kasempetan pikeun ngalaksanakeun ibadah haji dina taun ieu, mugi-mugi dipaparin nasib sareng nishob kangge tiasa ngalksanakeun ibadah haji dina taun anu bakal sumping..Amiin !


اقــول قـولي هذا واســتغـفـرالله لي ولكم ولجميـع المســلمين والمســلمات انه هــو الـغـفـور الـرحيـم

Khutbah Ke 2 

[ 7x] الله اكبر
لااله الا الله  والله اكبر , الله اكبر ولله الحمـد
إِنَّ الْحَمْدَ لِلَّهِ نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِيْنُهُ وَنَسْتَغْفِرُهُ , وَنَعُوْذُ بِاللهِ مِنْ شُرُوْرِ أَنْفُسِنَا وَمن سَيِّئَاتِ أَعْمَالِنَا ، مَنْ يَهْدِهِ اللهُ فَلَا مُضِلَّ لَهُ وَمَنْ يُضْلِلْ فَلَا هَادِيَ لَهُ ، وَأَشْهَدُ أَنْ لَا إِلَهَ إِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ ، وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحمَّداً عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ وَصَفِيُّهُ وَخَلِيْلُهُ وَأَمِيْنُهُ عَلَى وَحْيِهِ ؛ فَصَلَوَاتُ اللهِ وَسَلَامُهُ عَلَيْهِ وَعَلَى آلِهِ وَ صَحْبِهِ أَجْمَعِيْنَ
أَمَّا بَعْدُ مَعَاشِرَ المُؤْمِنِيْنَ عِبَادَ اللهِ : اِتَّقُوْا اللهَ تَعَالَى وَرَاقِبُوْهُ مُرَاقَبَةً مَنْ يَعْلَمُ أَنَّ رَبَّهُ يَسْمَعُهُ وَ يَرَاهُ
   اللهم اغـفر للمسلمين والمسلمات والمؤمنين والمؤمنات الاحياء منهم والاموات اللهم اغفر للحج ولمن استغفر له الحجاج اللهم اعز الاسلام والمسلمين واهلك الكفرة والمشركين ودمر اعدائنا واعدائك اعداء الدين بحق رب العالمين ربنا اتنا فى الدنيا حسنة وفى الاخرة حسنة وقنا عذاب النار برحمتك يا ارحم الراحمين والحمد لله رب العالمين 
 عباد الله ان الله يأمر بالعدل والاحسان وايتاء ذي القربى وينهى عن الفحشاء والمنكر والبغي يعظكم لعلكم تذكرون ولذكر الله اكبر استغفرالله لي ولكم

0 komentar:

Posting Komentar